DOA

DOA
TENGADA

Senin, 27 September 2010

ARTIKEL/BERITA

Berita jeung Artikel Basa Sunda:’

BINGUNG MILIH PIGUPERNUREUN
Ku Cécép Burdansyah
IWAL ti jalma partisan nu moal bingung milih pigupernureun mah. Engké, 13 April téa, pan urang Jawa Barat rék pésta démokrasi, milih gupernur. Nu munggaran da langsung rahayat nu milihna gé.
Tah, ari keur jalma anu non partisan mah, puguh matak bingung. Milih nomer hiji, sidik apan siga kieu karasana. Atuh milih nomer dua jeung nomer tilu, can karuhan leuwih eucreug. Malah boa…
Kitu mungguh keur rahayat anu non partisan, anu henteu déngdék ka si itu déngdék ka si éta. Malah boa tampolana kalah ka golput. Dina prungna poéan nyoblos téh, batan indit ngamangpaatkeun hakna, boa ngadon ngagojod héés. “Laahhhhh da moal aya pangaruhna,” kitu meureun pibasaeunana keur jalma anu cul laur mah. Jalma anu mumul milu partisipasi kana urusan pulitik.
Mun téa mah tina 27 juta nu milih heug golputna nepi ka leuwih ti 30 persén, komo leuwih, beu, sigana angen-angen KPU Jabar sangkan Pilkada Jawa Barat jadi barométer pilkada di Indonésia, moal boa ukur ngimpi. Biheung kana tinekanan.
Atuda kumaha waé ogé jumlah partisipasi warga nu ngagunakeun hakna, éta téh enas-enasna mah baris jadi ukuran. Ngukur kualitas pilkada téh salila ieu mah leuwih nekenkeun kana minimna paripolah curang. Padahal mun pilkadana jujur, ari golputna 50 persén mah, nya sarua wé kateuteuari.
Siga di Jakarta, basa Pilgub ngabenkeun Adang Daradjatun jeung Fauzi Bowo, leuwih ti 30 persén rahayatna golput. Jadi mun Jawa Barat hayang jadi barométer, salian ti para calon jeung usung ésangna kudu jalujur, golputna ulah nepi ka mapakan DKI, komo nepi ka ngaleuwihan mah.
Umumna, KPU nu sok kateumbleuhan mun dina Pilkada golputna satambruan. Pajar téh kurang sosialisasi alias kurang ngiberan ka kumna balaréa yén aya program. Padahal anu garolput téh, gegedéna mah lain hartina teu apal kana ayana pilkada.
Jadi naon atuh?
Nya tadi téa, moal jauh ti bingung, kudu milih saha. Lain, lain lantaran nu rék dipilih nu itu batur nu ieu deungeun-deungeun. Da sidik lain sasaha, urang Sunda kabéhanana gé. Ngan lebah nyaah ka rahayatna, pangpangna nyaah ka urang Sunda, puguh nu matak bingung téh. Da kumaha waé ogé atuh, enya gé di Jabar loba deungeun-deungeun nu bubuara, tapi meureun urang Sunda-na mayoritas kénéh.
Nyaah ka Sunda téh tangtuna gé nyaah ti mimiti kana pangabutuh dasarna nepi ka budayana. Pangabutuh dasarna nya karaharjaanana; ti mimiti maliré ékonomina, sakolana, kaséhatanana, kaamananana, jeung sagala kaperluan umum samodél jalan, jambatan, irigasi, listrik, kum teu di kota teu di lembur kudu walatra kacumponan. Malah mun bisa mah hotspot (aksés jaringan internét) anu ngahontal nepi ka lembur anu pangjauhna ti kota, katedunan deuih. Pan jadi modéren tah Jawa Barat téh.
Bérés soal pangabutuh dasar, prak kana budayana, henteu cul laur siga nu enggeus-enggeus. Atuda ayeuna mah aya ge Perda nu eusina amanat sangkan ngamumulé basa jeung budaya Sunda, ukur réngkolna waé, amanatna mah teu dilaksanakeun. Malah nu puguh mah matak pikanyerieun.
Contona kasus Kapala Disbudpar Idjudin Budhyana nyapirakeun Féstival Drama Sunda anu diayakeun ku Téater Sunda Kiwari. Éta féstival anu lilana ampir sabulan téh, ti awal Fébruari nepi ka 1 Maret, kalah ka dikékéak ku Kapala Disbudpar Ijudin Budhyana.
Disebut kemasanana butut, judul jeung téma teu aktual tur teu kréatif. Nyeceléh kitu téh dina media massa. Padahal téh kapasitasna lain kritikus, malah boa nongton gé tara. Ironisna éta festival, sakanyaho mah, saban poéna tara towong ku nu lalajo, sakitu ditikét sapuluh rébu gé. Atuh salahsahiji témana, sakumaha naskah anu kabaca, Jeblog beunang Nunu Nazarudin Azhar, sakitu hadéna. Malah aktual jeung sok jadi berita dina media, antarana soal korupsi jeung téroris.
Nu écés mah polah kitu téh nyeceléh tanpa dasar arguméntasi. Padahal, mun nilik kana kapasitasna minangna Kapala Disbudpar, kuduna mah ngabagéakeun, kilangbara atuh ngawaragadan. Kakara kedal ménta hampura jeung rék mantuan sanggeus diraréntog ku para seniman di Rumentang Siang, poé Kemis 28 Fébruari. Tah polah pajabat siga kitu téh kumaha wae ogé ngébréhkeun pamingpin ti nu pangluhurna. Siga kitu tah bélana kana budaya Sunda téh.
Eta kakara hiji conto. Mun dipérélékeun mah kumaha cul laurna pamingpin urang kana budaya Sunda, sigana kalah matak leuwih peurih.
Ngan sigana calon nomer dua jeung nomer tilu gé, sarua matak hamham jeung melang. Mun nomer hiji geus karasa peuheurna, boa nomer dua jeung tilu leuwih pait. Éta mun nilik tina track record alias rekam jejak bin tapak lacak kana budaya Sunda. Ari kana basilat mah memang can kadéngé, kasebut hérang canémbrang kénéh, ngan lebah nyaah kana budaya Sunda mah tetep asa matak keueung, da teu kungsi katoong ti anggalna téa.
Jadi sigana, keur rahayat nu beunta mah, bakal meredih ka pigupernureun téh kudu nu enya-enya bisa ngangkat darajat rahayatna ku cara nyumponan pangabutuh dasarna. Cindekna mah urang Jawa Barat téh dijelemakeun. Kaduana, nyaah kana budaya urang Sunda. Tangtu waé para calon gupernur téh bakal ngararampa, nu kumaha atuh nu kasebut nyaah kana budaya Sunda téh? Cik kuring hayang nyaho. Kitu meureun éta tilu calon téh malik nanya. Ah teu hésé saenyana mah, kari daék ancrubna, daék bobolokot, ulah bauan, ulah pilih kasih, jeung ulah ngandelkeun ti jalma-jalma anu resep muji tur lélétak. Nu kudu didangu mah malah jalma jalma anu sok ngiritik. Budaya kritik kudu jadi tatapakan pikeun maju, sabalikna kudu ngajauhan budaya muji, sabab nu kitu nu matak picilakaeun mah.
Ayeuna mah urang tingali wé dina prakna kampanyeu engké, ti tanggal 27 Maret nepi ka 9 April. Naon waé eusi kampanyeuna. Bisa karampa ku urang gé, mana nu ukur jangji semet lalambé, mana nu jeung haté, jeung urang gé bisa nyatet mana kampanyeu anu ngawang-ngawang ukur ngimpi, jeung mana kampanyeu anu realistis tur puguh titincakanana. ***
Tina Majalah Mangle No. 2160

Tidak ada komentar:

Posting Komentar