DOA

DOA
TENGADA

Jumat, 06 Agustus 2010

Conto Biantara Bhs Sunda

Koran Galura Sunda, Biantara Modul Pangajaran Basa

(www.scribd.com/doc/23413106/Modul-Pangajaran-Basa-Sunda)


BIANTARA BAPAK CAMAT
DINA ACARA PASANGGIRI IBING PENCA
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh
Sugrining Puji Sinareng sukur mangga urang sanggakeun ka Gusti Alloh anu murbeng Alam. Kalawan rahmat sareng kurnia Anjeuna, dina dinten ieu, pasanggiri ibing penca sa-Kota Cimahi tiasa dikawitan, luyu sareng rarancang panitia.
Sim kuring, wawakil ti pihak pribumi, langkung ti payun seja ngahaturkeun nuhun ka panitia, atuh langkung jembarna ka PPSI Kota Cimahi, anu parantos milih sareng nangtoskeun ieu wewengkon kacamatan pikeun lumangsungna acara ibing penca. Rupina wae hal ieu teh dumasar kana hiji kapercantenan wireh sim kuring saparakanca, hususna ti lingkungan formal pamarentahan kacamatan, baris tiasa ngalaksanakeun amanat panitia, ku sim kuring katampi
pisan. Pamugi wae dina prungna, ti ngawitan dugi ka lekasanana, henteu seueur nguciwakeun.
Salajengna, sim kuring ngahaturkeun wilujeng sumping ka sakumna rombongan
patandang ; wilujeng tandang dina pasanggiri, pamugi sing aya dina kalancaran.
Hadirin hormateun sim kuring,
Minangka wawakil ti pihak pribumi, sim kuring neda sih hapunten, hususna ka rombongan patandng anu tebih-tebih sarumpng ka dieu, bilih wae panampian ti pihak pribumi kirang nyugemakeun; boh dina tata-titina, boh dina leresan nyadiakeun sagala rupi kaperyogian anu patali sareng kalumangsungan ieu acara. Sanes teu hoyong langkung sae, namung kumaha da buktosna ukur tiasa sakieu-kieuna. Pamugi wae ageing tawakupna. Hal- hal anu kirang nyugemakeun ti pihak pribumi, pamugi ulah ters teras dicandak mulih ka daerah masing-masing.
Sim kuring kersa nampi janten pribumi teh teu aya maksad sanes, tapi estuning ngaraos kajurung pikeun ngiring ngadeudeul kagiatan anu raket patalina sareng miara budaya warisan titinggal karuhun urang, nyaeta penca. Urang tos pada terang yen penca teh sanes ngan wungkul ngandung ajen seni, tapi deui katapisan bela diri. Anu mawi disebatna ge bagean tina elmuning kasantikaan. Perkawis hal et amah teu kedah dipedar langkung tebih, margi anu ayeuna araya di payuneun sim kuring teh tos kalebet ahlina, bilih wae engke dianggap mapatahan ngojay ka meri.
Hadirin anu mulya,
Sim kuring yakin, ku ayana alpukah ngayakeun pasanggiri penca reh sanes wae ukur pikeun miara seni budaya, tapi deui aya udagan anu langkung tebih, nyaeta pikeun ngawangun karakter manusa. Ari margina, dina penca teh ngandung rupi-rupi ajen kahirupan, ti ngawitan palasipahna tug dugi ka aplikasina. Ku seueurna anu ancrub kana kagiatan penca, utamina para nonoman, dipiharep tiasa nyangking pasipatan percaya diri, jujur, sareng ludeung nanjeurkeun bebeneran katut kaadilan di masarakat.
Ku ayana ieu pasanggiri, mugi-mugi wae eta udagan teh tiuasa kahontal. Miara sareng ngamumule seni budaya daerah teh masing napak aplikasina dina kahirupan kiwari sareng anu bade dongkap. Sareng deui, miara seni budaya daerah teh janten bagean tina miara seni budaya nasional Indonesia. Kapan kitu anu kaunggel dina GBHN oge. Jalaran kitu, urang teu kedah ngaraos ringrang sareng rempan, da ieu tarekah urang teh sajalan sareng kawijaksanaan pamarentah.
Pamungkas pisanggem, kuring ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak anu parantos
ngiring rumojong kana lumangsungna ieu acara. Mangga wilujwng tatndang, wilujeng
ngetrukeun kaweruh sareng kamampuh, dumasar kana sipat sinatria.
Padungdung totonden tarung
Nya tarung di pangadegan
Adeg-adeg Sunda luhung
Hung manggung di pakalangan
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh
(Dicutat tina Buku Tatang Sumarsono)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar