DOA

DOA
TENGADA

Senin, 16 Agustus 2010

nyaritakeun Pangalaman sapopoe

Sakali mangsa balik ti sakola teh Ijah kawas nu ngalamun. Teu pati berag kawas biasana. Sanggeus dahar tuluy bae ngumpulkeun wawadahan anu kotor, dibereskeun kana boboko. tuluy dikelek ka pancuran anu perenahna lebakeun imah.
Datang ka pancuran teu waka dek. Ijah ngalamun wae, inget kana pangajaran di sakola. Tadi teh diajar matematika tapi manehna keukeuh teu bisa nuturkeun katerangan ti Bu Guru. Asa hese bae. dibere soal, salah-salah bae.
Salila-lila Ijah ngahuleng, ras kana kumbaheun, dek bae dipigae. Piring teh dibanjur heula ku cai. tuluy dikosokkan ku lebu. Nya kitu deui bangsaning panci atawa cangkir, ngan gelas nu ku sabun teh.
Jeroning kitu, ingetana mah teu weleh kana itungan bae, sakitu keur nyekel piring, pikirna mah nyolok bae kama soal matematika. Keur kitu.......pre bae piring nu lesot tina leungeunna peupeus. Kumaha atu da nyekel piring bari ngalamun. Piring teh ancur pisan.
Ijah reuwas lain dikieuna. gura giru piring peueus teh dipelong bae ku manehna.
Sanggeus kapikireun gura giru piring peupeus teh dicokotan. Diwadahan kana pipiti butut. Bari luak-lieuk sieun aya nu nangenan, deregdeg manehna lumpat ka juru kebon. Bru bae beling teh diteundeun di dinya. Buni kahalangan ku tatangkalan.
Bari teu weleh deg-degan manehna nuluykeun hanca.Lamunana robah. Lain mikiran matematika ayeuna mah tapi mikiran sieun dicarekan. Nepi ka anggeusna kukumbah, Ijah can bisa mutuskeun, naha mending bebeja atawa entong?
Lantaran sieun dicarekan, Ijah teu bebeja. Balik ti caiteh tuluy bae ngilikan buku matematika bawana ti sakola.Kabeneran meunang nginjeum, bisa mukaan di imah.
Tapi teu daek nyerep, da pikirna kana piring nu peupeus bae. Komo ari rentang-rentang indungna, asana teh geus haok dicareka: "si Jorok....Tukang ngaruksak. Mahal eta teh!" ceuk pikir Ijah.
Sapopoe eta Ijah asa kasiksa. Kasiksa ku hatena sorangan. Unggal amprok jeung indungna, angena ratug. Padahal indungna mah teu terangeun. (dipir Tajug, Mien resmana). Fro aBee to Zhanieficha. (17 Agustus 2010, Selasa).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar