DOA

DOA
TENGADA

Rabu, 11 Agustus 2010

IMAN PONDASI PUASA

IMAN PONDASI PUASA
KU: APRILATIP, S.Ag
(Ceramah Subuh hari ke-2, di musholla Al-Hasan Wage Kota, Legok)

A. DALIL NAQLI


1. Al-Quran S. Al-baqoroh ayat 183:

             


2. Pidawuh Nabi SAW:
من صام رمضان ايمانا واحتسبا غفر له ما تقدم من ذنبه
“Sing saha jalma anu puasa romadon kalayan di dasaran ku iman tyr ikhlas, dihampura eta si jalma tina dosa-dosana anu tiheula”

3. Pisaur Imam Al-Ghozali
االناس كلهم هاكى الا العالمون, والعا لمون كاهم هاكى الا العا ماون, والعاملون كلهم هلكى الا المخلصون.
“satiap manusa sakabehna rugi, kecuali anu boga elmu. Jalma anu boga elmu oge rugi, kecuali anu ngamalkeun elmuna, jalma anu ngamalkeun elmuna oge rugi, kacuali anu ikhlash amal perbuatanana

B. DALIL AQLI
Ngawangun naon bae (imah, kantor, jembatan, saung anu sederhana) butuh pondasi sangkan eta wangunan bias ngadeg kalayan ajeg (kuat). Tahan tina kakuatan alam: angina, gempa jeung sajabana.


C. EUSI CERAMAH
1. Nu digero (diparentah) pikeun puasa dina QS. Al-Baqoroh : 183 nyaeta “al-ladziina amanuu”---jalma anu airman---, lain nu “islam” . Ieu pertanda yen iman teh minangka dasar (pondasi), modal anu kuat pikeun daek henteuna hiji jalma Islam ngalakonan ibadah puasa.
2. Iman: dina sakur makhluk hirup ibarat jantung, dina kendaraan ibaran mesin jeung bensin, motor, motivator anu ngusik malikeun kana gerak gawe.
3. Puasa anu syareatna nahan dahar nginum jeung sapetemon atawa sakur anu ngabatalkeun puasa, moal karasa beuratna pikeun jalma anu iman. Sahingga ngalahirkeun rasa “ikhlas” dina hate.
4. puasa ceuk hakekat nahan gerentesing batin tina nawaitu migawe dosa, gerents goring sejenna kayaning bohong, iri jsb.
5. Iman jeung niat anu ikhlas dina ngalakonan ibadah puasa baris mere efek dihampurana sakur dosa (alit, ageing) anu kungsi dilakonan ku hiji jalma.
6. Satiap ibadah kudu didasaran ku niat anu ikhlas.
7. Satiap manusa ngalaman rugi, jaba anu berilmu. Anu berilmu oge rugi, jaba anu ngamalkeun kana elmuna. Jalma anu beramal oge rugi, jaba anu iklash.
8. Satiap manusa berpontensi ngadahar naon bae 20-25 ton dina Saumur hirupna.

D. KONKLUSI

1. Nu diparentah puasa nyaeta jalma anu airman.
2. Iman jeung ikhlas pondasi puasa jeung ibadah sejenna.
3. Saha bae jeung naon bae profesina moal rugi, lamun ikhlas.








Legok, 12 Agustus 2010.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar