DOA

DOA
TENGADA

Selasa, 10 Agustus 2010

Marhaban ya Ramadhan

MARHABAN YA ROMADON
KU: APRILATIP, S.Ag
(ceramah subuh hari ke-1 di mushalla Baitul Mukhlishin, dusun Wage Legok)


A. ARGUMENTASI:
1. Pidawuh nabi Muhammad SAW:
من فرح بدخول رمضان حرمه االله جسده عاي نيران

“Sing saha jalma anu bungah ku dongkapna bulan romadhon, maka Allah ngahara
mkeun jasadna eta jalma tina rupa-rupa naraka”
2. Doa nu mindeng dibaca:

اللهم بارك لنا فى رجب وشعبنا وبلعنا رمضان وحصل مقا صدنا

“ya allah paparin abdi kaberkahan, ku rajab sareng sya’ban sareng dugikeun abdi
Umurna tepi ka roamadon sareng mugi hasil pamaksadan”

3. Syair:
مر حبا يا رمضان مر حبا ياشهر الصيام نسا ل االله رحمان رحمة على دوام......
“wilujeng sumping sasih romadon, wilujeng sumping sasih puasa, abdi sadaya miharep ka allah num aha rohman, rohmat anu langgeng”

B. EUSI CERAMAH

1. Bungah nu dimaksud bungah alatan sono, atawa rindu ku pendak deui sareng sasih puasa, ibarat hiji kakasih nu lami teu pendak sareng anu dipicintana.
2. Bungah nu dipimaksud lain bungah ku hal-hal anu sifatna duniawi, tapi alatan umur anu jadi takdir panggih deui jeung bulan anu mulya, bulan panghadena, bulan pang-kerenna-.
3. Bulan keren: alatan ieu bulan boga ratusan ngaran anu keren: sayyidusyuhur (rajana bulan), syahrushiyam (bulan puasa), syahrun najah (bulan ujian), syahrus shobar (bulan kasabaran), syahrut taubah (bulan tobat) jrrd.
4. Teu bungah kumaha: panggih jeung bulan anu keren lir pinanggih jeung widadari panggeulisna, dimana sagala kaendahan bias mopohokeun peurih getirna puasa.
5. sagala sesuatu aya rajana: rajana bulan, bulan puasa. Rajana poe, poe jumah. Rajana Malaikat, malaikat Jibril. Rajana Rajana nabi, nabi MuhammadSAW.
6. Bungah nu sifatna duniawi: bungah loba dahareun, bungah pedah tokona kaenna marema, bungah pedah lebaran bakal boga baju anyar.
7. Maksudna haram jasadna tina siksa api naraka pikeun jalma nu sakadar bungah ku lebetna puasa, nyaeta saupama jasadna eta jalma ditunda dina naraka, maka eta naraka ngadadak pareum.
8. kaberkahan hartina: tambahna kamangfaatan dina hiji hal. Contoh umur berkah berarti umur anu mangfaat, sukur mun umurna panjang. Rijki anu berkah, rijki anu mangfaat, sukur mun loba tur halal. Elmu anu berkah. Elmu anu mangfaat, sukur mun loba tur nyalametkeun.
9. kaberkahan nu dipiharep ku ayana bulan rajab, nyaeta istikomah dina salat tur tambahna solat sunah nu dipilampah. Kaberkahan dina bulan sya’ban nyaeta kaberkahan umur, rejeki jeung kakuatan iman. Kaberkahan dina Romadon mianangka puncakna kaberkahan, nyaeta kaberkahan dina sagala widang kahirupan, sahingga ngahontal darajat fitri.
10. tangtuna, Romadon anu endah, romadon anu berkah kudu dipapag ku ucapan “MARHABAN YA ROMADON”.
11. Urang ibaratkeun, upama dina itungan matematika: bulan rajab bulan ka-7, bulan sya’ban bulan ka-8, jeung Romadon bulan ka-9. Urang ibaratkeun jalma anu hamil. Bulan ka-7 , ka-8, ka-9 teh ibarat bulan nu pinuh ku pangharepan. Komo mun nincak bulan ka-9, gubrag lahir orok dina bulan ka-9, lahir dina kayaan fitrah (suci).
12. kitu oge ibarat jalma anu puasa dina bulan ka-9 (Romadon), falsafahna ibarat nu hamil 9 bulan tuluy lahiran, mangka sing saha anu puasa kalayan ikhlas bakal meunang darajat fitri lir orok nu nembe lahir.
13. dina itungan matematika, angka 9 teh angka panggedena: 0-1-2-3-4-5-6-7-8-9-1-0. Angka 10 hakekatna balik deui kana angka 1 tuluy 0. Jadi angka 9 tetep angka panggedena. Angka 9 kaasup angka ajaib. Hasil perkalian tina angka 9, saupama dijumlah hasilna tetep 9. Conto: 9X1=9, 9+0=9,……..9X2=18, maka 1+8=9,………9X3=27, maka 2+7=9. jeung saterusna.
14. Makna ROMADON asalna tina kecap “ROMIDLO” hartina batu asahan, sabab memang dina bulan romadhon jiwa urang diasah supaya seukeut dina ibadahna, padaharan oge diasah sangkan sadar yen laparna jalma miskin jeung jalma beunghar the sarua bae.
15. ROMADON oge ngandung harti panas, sabab dina kondisi puasa padaharan panasna naek, malah awak oge suhuna rada naek, lemak atawa gajih kabakar, sahingga kucara kitu bisa ngurangan resiko panyakit hipertensi (darajh tinggi).


C. KONKLUSI
1. satiap anu bungah ku dngkapna bulan romadon, Allah baris ngaharamkeun jasadna eta jalma tina siksa naraka anu 7 rupa (naraka: sya’ir, ladzo, saqor, jahim, jahanam, hawiyah, hutomah (wail)).
2. kaberkahan nyaeta tanbahna kamangfaatan hiji hal.
3. bulan Romadon kudu dipapag lir sumpingna hiji pejabat anu bakal mere sagala hal anu dipikahayang ku rahayatna.


Sumber bacaan:
1. Kitab Tanbihul Ghofilin
2. kitab Durratun Nasihin
3. kitab Tanqihul; qaul
4. kitab Mulhtarul Hadits Nabawiyah
5. Internet, Harun Yahya
6. buku Rahasia dalam Rahasia, Abdul Basuth.

Legok, 11 Agustus 2010.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar